Senin, 03 Januari 2011

Pupuh Salah Sahiji Kasenian Sunda

Perbincangan Sesepuh Sunda
Pupuh nyaeta salah sahiji jenis kasenian sunda anu mangrupa kakawihan puisi anu tangtu polana, boh engang (suku kata) atawa sorana. Satiap pupuh ngagaduhan masing-masing watek atawa ciri nu ngagambarkeun hiji kaayaan atawa kajadian.
Pupuh aya 17 rupa, nyaeta :



  1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian,  deudeuh asih, nyaah.
  2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
  3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
  4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
  5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
  6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
  7. Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
  8. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
  9. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
  10. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
  11. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
  12. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
  13. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
  14. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
  15. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
  16. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
  17. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
       Sumber : (Berbagai Referensi)

1 komentar:

  1. terimakasih, tulisannya telah menambah dan mengingatkan kembali yang telah terlupaakan.
    Kutunggu karya-karya lainnya

    BalasHapus